Da Abdi Mah Katurunan Nami Antik

Ayo Ketawa! - Sarua ieu oge di hiji kelas, guru anyar nyalukan hiji murid anu ngaranna "Dojang"

Ibu Guru :" Jang, cik kadieu, antik euy ngaran teh, bener Dojang?"
Dojang :" Sumuhun Bu, da abdi mah katurunan nami antik"

Ibu Guru :" Kutan, saha kitu ngaranna bapa maneh teh, Dojang?"
Dojang :" Dosep, Bu.."

Ibu Guru :" Ari indung maneh saha?"
Dojang :" Doneng, Bu..

Ibu Guru :" Lanceuk-lanceuk?"
Dojang :" Dosih sareng Domar, istri sadayana Bu"

Ibu Guru :" Euh, sugan aki-nini maneh mah Doki jeung Doni, nya Dojang?"
Dojang : " Sanesn Bu, teu kenging kitu, dolim namina, saur sepuh oge dolim mah dosa". (***)